Sabtu, 20 Maret 2021

CARITA TINA DUA CARITA (CARPON RIAN IBAYANA DI AYOBANDUNG.COM 20 MARET 2021)

Carita Tina Dua Carita

 

            “ Ké ké naha kuring aya dimana? Dimana ieu? Asa kakara kuring ka tempat ieu, naha bet aya di dieu?“

            Sirah karasa muter, teu puguh titinggalian jeung teu dédéngéan. Kuring peureum saheulaanan, bari nginget-nginget kajadian nu ka tukang, nepi ka bisa aya di ieu patempatan. Tapi ngbléng teu kaimpleng kumaha mimitina. Kuring jol aya di handapeun tangkal anu kacida gedéna, anu kacida jangkung jeung rimbun matak iuh.

            Di belah kénca aya gunung ngajega, teuing gunung naon ngarana. Ti belah handap, kadéngé hawar-hawar séah cai wahangan, rada anggang jadi teu pati katinggali lebah-lebahnamah. Angin ngahiliwir matak tiis kana awak, tiis kana sirah, tingtrim kana haté jeung pikiran. Tapi dimana ieu naha kuring bet aya di dieu.

            Aya ringkang-ringkang nu muru ka palebah kuring, disidik-sidikmah lalaki nu geus umuran, manjing saumuran jeung aki kuring. Lalaki kolot éta make dudukuy laken, dina cangkéngna  nyorén bedog jeung ngagandong tas leutik. Bet cigah nu ngarti, lalaki kolot éta nyampeurekeun ka palebah kuring nu keur ngahuleng handapeun tangkal. Gék diuk di gigireun.

            Manéhna nyalsé pisan, ngaluarkeun barang bawaanana tina jero tas. Tuluy ngasongkeun cai nginum dina kempis héjo nu sok dipaké ku tantara. Ku kuring ditampa da puguh kaarasa haus pisan ti mimiti nyadar aya di ieu patempatan. Kuring nginum sababaraha leguk, dada asa ngemplong, sirah asa tiis, haté karasa leuwih tingtrim. Lalaki kolot éta tuluy ngaluarkeun cepuk leutik nu eusina bako jeung pahpir, ngodok zippo tina saku jékétna.  Manéhna nyieun sababaraha linting, terus diasongkeun ogé ka kuring.

            “Nyalsé wé jang, kuring nu katelahnamah Aki Arnasik*. Asli urang dieu. Imah Aki aya di tukangeun tegalan itu,” lalaki kolot nu katelah ki Arnasik muka carita. Bet cigah nu nyaho kana eusi haté kuring, yén rék nanya perkara éta. Ki Arnasik nyalsé temenan, nyeungeut lintingan bako ku seuneu zippo. Kuring rada asa – asa rék nyeungeut téh, puguh teu biasa, kabiasaan udud roko filter.

            “Sok kadinyah asaan, lintingan meunang Aki. Bako asli ti Rawabogo. Dijamin deudeuieun geura.”

            “Ieu téh lembur Lebakmuncang sujang, hiji désa nu aya di wilayah kacamatan Ciwidéy. Tuh gunung nu ngajega téh ngarana Gunung Tambaguruyung atawa Pasir Tambaguruyung. Lamun wahangan nu di lebak, nu séah sorana kadéngé ka belah dieu, ngarana wahangan Cigadog. Tah lamun si sujang leumpang nurut kana jalan itu, engké brasna ka jalan propinsi. Bakal katinggali ti lebah dinyamah aya gunung nu pangkolotna, gunung tempat ngariungna  para karuhun, nyaéta gunung Sepuh téa.”  

            “Akimah sapopoé gawé jadi panyawah. Ari nu boga tanahnamah urang dayeuh. Sawah nu digarap ku aki téh minangka milik dunungan nu kadua. Da dunungan nu mimiti mah tilar dunya alatan dipergasa ku gorombolan. Harita  dunungan Aki téh pupuhu ieu lembur, nu wastana juragan Bajranirwana. Juragan Bajra ninggalkeun pamajikan jeung saurang putra. Nu teu lila ti harita nikah deui ka pangusaha di Bandung, tuluy tumetep di dayeuh.”

            Leng, leng, leng sirah kuring karasa muter deui. Pikiran ngalayang kana hiji carita. Tapi inget-inget poho. Naon nu dicaritakeun ku Aki Arnasik bet asa pernah maca dina hiji karangan. Malahan mah, Aki Arnasik ogé tea salah sahiji tokoh dina karangan éta. Tapi carita naon nya, duh, kuring jadi baluweng. Dina karangan éta dicaritakeun yén Aki Arnasik bakal ngajugjug ka hiji astana, rék nadran ka makam dunungana, nyaéta juraga Bajranirwana téa. Boa-boa enya.

            “Teu kudu reuwas jeung ngarasa anéh sujang, naon nu aya dina pikiran si sujang nyéta bener pisan. Kuring nu aya dina karangan éta. Hayu ayeunamah urang ka makam juragan Bajranirwana !”

            Bet asa dihipnotis wé, kuring teu bisa nyarita naon-naon. Teu bisa nolak. Kuring nuturkeun Aki Arnasik ka astana nu teu jauh ti dinya. Teu kungsi lila kuring jeung Aki Arnasik nepi ka astana tempat juragan Bajranirwana dimakamkeun.

            “ Tah ieu makam juragan Bajranirwana téh sujang. Nu aya dina karangan nu kantos dibaca ku si sujang téa. Maca dimana étatéh sujang? Dina koran atawa dina buku? Tah mun nu éta, makam garwana juragan Bajra. Sabada nikah deui jeung pangusaha ti kota Bandung, anjeuna hirup tingtrim, sagala kacumponan. Namung kitu téa sujang, umurmah saha nu nyaho. Anjeuna dipundut ku nu kawasa, tapi saméméh anjeuna maot, kungsi nyieun surat wasiat yén hoyong dimakamkeun henteu tebih jeung makam juragan Bajranirwana.”

            Aki Arnasik ngaluarkeun sababaraha barang tina tas leutikna, tapas kalapa jeung menyan cigahnamah. Tapas diseungeuet terus dipurulukan menyan. Kaambeu seungit sumebar di éta patempatan.

            ” Ieu mah sarat wungkul sujang, ngarah seungit jeung ngarah eweuh reungit nu ngadeukeutan ka urang. Aki sok rutin nadran ka makam juragan Bajra, tilu bulan sakali. Cigah ayeuna kabeneran awal taun, minangka haul-na juragan Bajra. Juragan Bajra mah salila hirupna teu kaitung kahadéan nu dilakukeuna. Sanajan anjeuna jalma beunghar, nu biasanamah pedit cap jahé buntut kasiran. Tapi anjeunamah teu kitu, boh ka tatangga, dulur atawa pagawé  cigah Aki. Anjeuna mah sok béréhan, mun meunang rejeki gedé téh sok dibagi-bagi. Teu anéh mun harita juragan Bajra diangkat jadi pupuhu ieu pilemburan. Namina seungit nepika ayeuna. Malihanmah nami anjeuna dijadikeun ngaran gang jeung aula Désa. Mung, nasib teu sajalan jeung kasaéan juragan Bajra, anjeuna dipergasa ku gorombolan nu telenges, jauh tina rasa kamanuasaan. Inalillahiwaina ilaihi rojiun.”

Ngeunaaan juragan Bajra jadi kabuka. Duh geuning aya di kieuna juragan Bajra téh lain saukur dina karangan. Meureun nu ngarangna asli urang dinya terus ngangkat éta carita kana karangan. Tapi ah, kuring poho karya saha jeung naon judulna.

            Haseup menyan nyambuang ka sabuderen patempatan. Kaambung asa leuwih seungit ti biasana. Ké ké titinggalian ngadadak rumek duh, poék titinggalian jadi poék.

                                               

***

 

            “Enya pasti ieu jelemana, hudangkeun...! Buru hudangkeun...! Pasti manéhna api-api saré atawa api-api kapiuhan !”

            Awak kuring dioyag-oyag, digeuing-geuing ku sababaraha urang. Karasa kasar pisan jelema nu ngageuingkeun téh. Kuring ngonéal, beunta lalauan bari terus muterkeun teuteupan ka sabudeureun patempatan. Kuring aya di hiji rohang nu rada poék, tapi katinggali aya korsi nu posisina undak-undakan, aya layar jeung sajabana. Nya disidik-sidikmah kuring téh aya di bioskop. Tapi kéla, naha kuring bet aya di bioskop. Kuring ngahuleng, tapi leng-leng sirah ngadadak muter, teuing kumaha mimitina bet aya di ieu rohang bari diriung ku sababaraha urang. Bet aya nu maké seragam pulisi sagala.

            “Pa pulisi pasti ieu palakuna nu maéhan Erlan Digjaya téh, kuring panitia ieu acara asa henteu ngulem ieu jelema. Nya pasti manéhna pelakuna, manehna penyusup,” ceuk saurang nu ngurung kuring.

            “Bener pa, pasti manéhna palakuna,” ceuk saurang deui

              Nu maké seragam pulisi unggeuk-unggeukan

            “Keun tenang heula, urang talungtik. Urang ulah waka nuduh lamun can aya bukti nu atra mah. Boa-boa manéhna pagawé di ieu bisokop. Keun bagéan bapa étamah ayeunamah béjaan ka satpam ngarah ngonci kabéh panto bisokop. Palakuna pasti aya diantara urang nu aya di dieu,”  ceuk nu maké seragam pulisi.

            “Tapi ceuk abdimah moal bireuk deui pa, pasti manéhna palakuna,” ceuk saurang wanoja buuk panjang. Dina beuheungna ngagantung tanda wartawati.

            “Nya bener pak, pasti manehna pak,” ceuk nu saurang lalaki nu maké topi  nyatujuan.

            Ninggali dina bét dina dadana éta pulisi teh namina Sidik, pangkat kaptén. Anjeuna kukurilingan nilik-nilik ka ayaan bioskop. Kuring masih diriung ku sababaraha urang kaasup satpam bari ditalingakeun  pinuh ku rasa curiga. Teu kungsi lila, kaptén Sidik balik deui jeung hiji lalaki kolot. Ninggali dedegananamah, saumuran jeung bapa kuring, tapi awakna jagjag waringkas cigah nu resep olahraga. Lalaki kolot éta tuluy imut bari diuk gigireun kuring, sopan pisan.

            “Nepangkeun kuring Hikmat**, minangka guru SMP-na  Kaptén Sidik. Kabeneran tadi beurang kaptén Sidik ngajak kuring ka ieu patempatan. Lalajo préviu pilem maut mengancam kota. Sabenerna bapa mah teu pati resep kana lalajo pilem téh, maklum geus kolot sok kalakah tunduh. Ngan kapaksa wé ieu mah pedah kaptén sidik jadi bagian tina keamanan salila proses syuting pilem éta.”

            “Ari ujang saha? Sareng timana?”

            “Wasta abdi mah Imam Mutaqin, ari linggih mah di kampung Arjasari, Bandung. Ari padamelanmah sadidinten abdi guru di hiji SMP di Arjasari.”

            “Resep kana pilem atuh matak aya di ieu bisokop gé, nonton previu ieu pilem maut mengancam kota ?”

            “Tah éta pa, abdi gé teu ngartos naha bet aya di ieu patempatan, abdi mah teu pati resep nongton pilem, komo bari ngahajakeun dongkap ka bisokop. Emut-émut pas digeuing-geuing ku sababaraha urang, pas beunta naha aya di ieu rohang. Boa-boa abi ngalindur kitu nya?  Ngaléngkah ka ieu bioskop dina kaayaan saré.”

            “Kitu geuning, nya bisa waé jang. Ujang ngalindur, datang ka ieu patempatan dina kayaan teu sadar. Kaayaan saré. Ngan éta wé, ujang nu minangka urang asing, nu teu diulem ku panitia aya di ieu bioskop pas aya kajadian pembunuhan. Érlan Digjaya nu jadi tokoh utama lalaki dina pilem maut mengancam kota, maot dipergasa di kamar mandi. Kurang leuwih sa-jam katukang jang. Jalma-jalma nu aya di dieu pasti nuduh ujang palakuna. Tapi keun ujang tong hariwang.”

            “Sanés abdi pa, demi Allah abdi teu terang nanaon. Aslina, abdi teu nyangka pa geuning aya kasus pembunuhan di dieu. Tapi ké  pa, abdi asa kantos maca dina hiji karangan kajadian sapertos kieu téh. Aya tokoh utama pilem tilar dunya saméméh acara previu pilemna di kamar mandi bioskop. Dina éta karangan mah nungabunuhna téh wartawati nu nyusup. Manéhna boga dendam ka éta béntang plem pak. Upami teu lepatmah yasana Pa Duduh Durahman éta carita téh pa.”

            “Heup jang, éta pisan. Leres. Ujang téh nyasab kana jero éta carita. Ujang ayeuna aya dina alam karangan Bah Duduh Durahman nu judulna Ajalna Sang Béntang Pilem. Resep maca meureunnya si ujang mah, nepi ka nyasab kana jero bacaanana. Ulah hariwang Bapa geus manggih palakuna. Hiji wartawati nu nyusup tuluy nyamar maké pakéan lalaki, ditopi jeung maké buuk palsu. Bapa tadi kukurilingan ka hiji rohang tukangeun layar, bet manggih gundukan pakéan jeung buuk palsu nu dipaké palaku. Ku bapak diambungan minyak seungit nu napel dina éta papakéan. Kaambung pisan karakter minyak seungitna nu bisa dipaké bukti. Tinggal ngakurkeun wé saha nu maké minyak seungit éta tangtu éta palakuna, sabab ceuk nu nyakséni aya saurang nu matak curiga, cicing deukeut kamar mandi, nu maké pakéan nu kapanggih ku bapa tadi. Keun étamah bagéan kaptén Sidik nu nalungtikna. Bapa mah méré jalan pituduh wungkul.”

            “Jig ayeunamah ujang mending gura giru balik, bisi jadi katuduh nyaan. Da kitu téa ning, kalan-kalan nu teu boga dosa, teu boga salah, bisa waé dijadikeun tersangka. Kiwari mah nu bener bisa jadi salah, nu salah bisa dianggap bener. Dunya geus tibalik. Saméméh ujang dimangpaatkeun dina ieu kaayaan, tuluy dijadikeun kambing hitam. Mending ayeuna ujang geura balik, tuh panto keur asup ka alam nyata mah nu aya di juru kénca bioskop. Ku batur mah moal katinggali éta panto téh, ukur ku Bapa jeung Ujang nu bisa ninggali panto éta,”  ceuk pa Hikmat bari nunjuk ka lebak kénca bioskop.

            “Abdi nganuhunkeun pisan kana kasaéan bapa, mugia aya dina kaséhatan. Hayu atuh, bapa bilih badé ngiring ka alam dunya anu nyata, sanés saukur dina karangan?”

            “Ah, jig wé sorangan jang, bapa mah geus betah di ieu alam karangan. Bari na ogé lamun nyaba ka alam dunya téh geus taya sasaha nu bisa ditepungan, kapan Bah Duduh Durahman na ogé tos lami ngantunkeun. Jung wé, omat kudu loba nyieun kahadéan, Inshaallah bakal seungit cigah Bah Duduh, tetep dikenang sanaos tos ngantunkeun alam kawenangan.”

            “Muhun ari kitu mah, abdi pamit pa. Assalamualaikum”

            “Waalikumsalam”

            Kuring gura-giru muru panto nu aya di juru kénca rohangan bioskop. Barang dibuka, bray cahaya bodas ngagebur, nembrag kana awak. Kuring teu inget di bumi alam. Teuing rék asup ka alam mana deui. Bisa ka alam karangan Cécép Burdansyah atawa karangan almarhum Pa Asep Idjuddin. Atawa ka alam karangan pangarang Ciwidey laina. Keun baé ah kumaha bréhna wé.

 

                                                                        2021

 

*tina Carpon Lembur singkur Panineungan yasana Pak Eddy D Iskandar

**tina Carpon Ajalna Sang Béntang Pilem Yasana Pak Duduh Durahman

 


 



 https://ayobandung.com/read/2021/03/21/203046/sastra-sunda-carita-tina-dua-carita

Sabtu, 13 Februari 2021

MEMBUNUH NOVIA DI BULAN DESEMBER. CERPEN RIAN IBAYANA DI MEDAN POS 7 FEBRUARI 2021

 





MEMBUNUH NOVIA DI BULAN DESEMBER

 

            Kamu tampak cemas dan gugup ketika kuungkapkan semua, bagaimana cara aku membunuh gadis bernama Novia di Desember setahun yang lalu. Gadis yang gemar memainkan lensa-lensa, mengabadikan peristiwa demi peristiwa lewat mata kamera. Gadis manis yang pernah melakukan pameran tunggal, memamerkan hasil bidikannya yang rata-rata bertemakan kemanusiaan. Jika melihat sorot mata gadis itu, aku senantiasa ingat pada lagu Iwan Fals, mata indah bola pingpong.

            “ Tak perlu kamu pikirkan dan tak perlu kamu cemaskan kawan, polisi tak mungkin bisa menemukan siapa pembunuh Novia.  Sampai saat  ini aku bisa menghirup udara dengan merdeka, tanpa ada sangkaan sedikitpun.”

            “ Tapi, “ ungkapmu.

            “ Sudah aku bilang kamu tak perlu takut kawan, buang jauh-jauh perasaan itu. Anggap saja aku tidak pernah bercerita apapun, anggap saja perbincangan ini tak pernah terjadi. Tenang kawan, peristiwa itu sudah berlalu jauh,  polisi pasti malas untuk menyelidikinya”

            “ Tapi bukan begitu,” ungkapmu tegas meski getar bibirmu tampak cemas.

            “ Iya aku paham, aku mengerti apa yang kulakukan menanggung banyak resiko. Bahkan jikalau polisi berhasil mengungkap peristiwa itu, bukan tidak mungkin nyawaku jadi taruhannya. Aku sadar ancaman apa yang akan aku terima jikalau kasus itu terungkap.”

            Kamu bangkit dari kursi sambil melemparkan sebungkus rokok serta korek api ke atas meja.  Kamu melangkah ke arah televisi kemudian menghidupkannya dan mencari stasiun kerap menyiarkan acara berita. Asap mengepul di ruang segi empat ruang tengah rumahmu. Rumah yang penuh sejarah bagimu, rumah yang menjadi tanda kesuksesanmu. Aku tahu betul perjuanganmu hingga bisa mapan seperti sekarang.

            Kamu beranjak menuju kamar dan kembali dengan membawa beberapa buah koran, kamu melemparnya ke hadapanku, tampak jelas itu koran lama, koran yang  beredar tahun lalu. Bagian depan koran terpampang berita pembunuhan seorang  gadis yang  diketahui  bernama Novia. Tampak foto sesosok perempuan itu terlentang  di dekat stasiun kota. Tak ada memar maupun luka, namun dari mulutnya keluar busa.  Mungkin diracun. Polisi dengan sigap melakukan penyelidikan.

            Sementara koran kedua adalah koran yang terbit hari berikutnya, yang menjadi headline masih tentang pembunuhan Novia, seorang fotografer wanita yang pernah membuat sebuah pameran. Polisi sudah bisa memastikan bahwa  gadis itu diracun, sementara siapa pembunuhnya masih menjadi teka-teki. Aku membaca koran tersebut satu persatu, pikiranku tiba-tiba melesat  pada peristiwa tahun lalu itu. Sementara kamu hanya diam, matamu memerah, asap rokok menari-nari di seluruh ruangan.

            “Sudahlah, tak perlu kamu pikirkan, bunuh perasaan cemas di kepalamu. Aku yang bertindak sebagai pelaku, bisa santai seperti ini. Tanpa takut sedikitpun. Kenapa kamu yang cemas kawan ? Coba lihat berita yang ada di televisi itu,  semua tentang pendemi, .tentang usaha pemerintah memutus mata rantai penyebaran virus berbahaya yang disebut corona. Tentang pembagian sembako bagi keluarga yang terdampak dari pandemi serta informasi jumlah warga yang terpapar virus tersebut. Juga tentang berita kontroversi undang-undang  cipta kerja, yang melahirkan gelombang demo dimana-mana. Kasus tahun lalu sudah terkubur kawan, mustahil bisa terungkap. “

            “ Sekarang coba kamu buka media sosialmu, apakah ada berita tentang pembunuhan Novia di bulan Desember tahun lalu?  Aku yakin tidak ada. Semua fokus pada perkembangan penanganan wabah di berbagai negara. Ada negara yang melakukan lockdown total ada juga yang memberlakukannya hanya di kota-kota tertentu yang masuk zona merah.  Segala upaya dilakukan agar pandemi ini segera berlalu. Coba kami teliti satu persatu status teman-temanmu di facebook, teliti dengan betul, adakah yang masih membahas peristiwa tahun lalu yang sempat menggetarkan seantero negeri ini? aku yakin tidak ada. Jadi kamu tidak perlu takut kawan soal kasus itu.”

            “Aku tidak cemas apalagi takut,” ungkapmu dengan nada tinggi.

            Kamu membuang rokok yang masih menyala ke lantai, lalu menginjaknya dengan geram dan entah bagaimana caranya tanganmu sudah ada di leherku, mencekik dengan kuat. Napasmu mendengus berapi-api,  sehingga wajahku seperti terbakar.

            “ Dengarkan ini ! Aku tidak takut, aku tidak takut dengan kasus yang menjeratmu. Tapi dengar, aku sutradaranya, aku dalangnya. Mengapa kamu bertindak sendiri, mengapa kamu bekerja seenaknya. Siapa yang kamu bunuh? Siapa? Bukan Novia yang kuminta kau bunuh, dan jangan di bulan Desember waktunya, bangsat... !”  Ungkamu dengan tegas sambil mendorongku ke atas kursi.

 

***

 

            Aku lemas dan tak paham dengan apa yang kamu katakan, pikiranku melambung pada malam kelam tahun lalu. Aku mengajak Novia bertemu di sebuah cafe dekat stasiun kota. Aku datang lebih cepat dari waktu yang dijanjikan, serta memesankan jus lemon. minuman kesukaannya. Sementara dia telat beberapa menit, datang dengan tergesa dan meminta maaf atas keterlambatannya. Sebenarnya tak perlu meminta maaf, dengan melihat senyumannya , aku sudah bisa memaafkan. 

            Novia membawa beberapa hasil bidikannya, potret peristiwa yang sangat mengerikan tentang derita penduduk yang tanahnya tergusur sebuah perusahaan. Dan aku tahu betul perusahaan itu milik siapa. Novia kembali memberikan senyum, manakala melihat jus lemon kesukaannya sudah ada di atas meja cafe. Sorot matanya seperti telaga, begitu menyejukan. Namun hatiku tiba-tiba bergetar kala melihat bibirnya menyentuh ujung sedotan, tampak dengan jelas jus lemon masuk ke dalam mulutnya yang mungil. Aku memejamkan mata sejenak, ingin rasanya melarang dia untuk meneruskan meminum jus tersebut, tapi lidahku kaku.

***

 

            Kamu kembali bergegas ke arah kamar dengan langkah yang tak beraturan, nafasmu menggebu seperti ingin meluapkan amarah. Aku hanya bisa tertunduk tak mengerti dengan apa yang kamu katakan, bukan Novia yang ingin kamu bunuh dan bukan di bulan Desember waktunya.

            “ Duaaaarr...”

            Tiba-tiba,  darah hangat mengalir dari belakang kepalaku.

2020

            





























CARITA TINA DUA CARITA (CARPON RIAN IBAYANA DI AYOBANDUNG.COM 20 MARET 2021)

Carita Tina Dua Carita               “ Ké ké naha kuring aya dimana? Dimana ieu? Asa kakara kuring ka tempat ieu, naha bet aya di dieu?“    ...