Sajak Tina Ajalna
Sang Bentang Pilem*
Di hiji bisokop
Aya rusiah di sajeroning rusiah,
Kabuka tina lambaran sandiwara
Lalakon getih, lalakon raheut
gudawang.
Aya lalakon dina sajeroning lalakon
Nu jadi marga lantaran lahirna
lalakon anyar
Nu kaambeu tina seungit parfum
Seungit nu moal bisa leungit
Bukti kalayan nyata, telengesna hiji
manusa.
Di hiji bisokop
Aya rusiah nu muka rusiah anyar
Patekadan goréng ngajirim balati,
Nu nembrag kana dada
Mungkas rénghap jeung harepan.
*Judul Carpon Almarhum Pak Duduh
Durahman
Januari 2020
Mangsa
Kiceup
Geus teu kaitung deui lobana kiceup
nu ngandung kecap
Mangsa nyakséni ciptaan Anjeun, neuleuman
kaéndahan, boh lahirna, boh batinna.
Rénghap
Geus teu kabilang lobana rénghap, mangsa
lalayaran dina sagara kahirupan
Geus teu kabilang, lobana jarum
érloji ngwiridkeun asma Salira
Ah, boa-boa moal lila lalakon bakal lekasan.
Léngkah
Geus teu kaitung deui lobana léngkah,
napak di bumi Salira
Tapi geuning jajauheun tina kahadéan mah
Mangsa wanci salin jinis, sok inggis
panto patobatan
nutup salalawasna.
Desember 2019
Hujan
Cigondéwah
Disidik-sidik mah, hujan téh lir jamparing,
Ting belesat murudul tina gondéwa
langit
Ngajirim tiis, ngagebrét ngaguyur
lemah.
Harita, naha anjeun bet teu ngiuhan,
cigah nu sadrah narima cai patobatan
boa haté anjeun geus gudawang, sésa
nancebna jamparing kahirupan.
Disidik-disidik mah, hujan téh lir
jamparing
Ting belesat murudul tina gondéwa langit, ngajirim cikahuripan
Harita, naha anjeun ngahaja
babaseuhan
Awak laas, cigah nu miceun kakotor
mangsa lawas.
Poé-poé katukang.
November 2020
Kitu geuning Nyai, kelir nasib nu
tumiba
Kateger na dada anjeun, mungkus raga
nu dirogahala
Ratusan kilometer geuning Nyai, anggangna harepan tina kanyataan
Ukur peurah jeung raheut, mulas eumeurna
jalan hirup
“ Jungjunan iraha datang ,megatkeun ieu
kanyeri ? “
Sanajan dipungkas ku pat,
Anjeun Sadrah tumarima
*novel karya Zeventina
2016
SURAT KEUR ALLEPO
Aya nu neumbrag kana dada,
ngajeletit kana ati
Mangsa angin ngibarkeun kelir getir,
ngabeberkeun warta peurih
Alan, budak
leutik nangkuban di sisi laut
Jeung Omran, budak
leutik lamokot ku getih
Korban seukeutna jangjang mangsa
umpalan jaman nu leungiteun rasa
kamanusaan.
2016

Tidak ada komentar:
Posting Komentar