Carita
Tina Dua Carita
“
Ké ké naha kuring aya dimana? Dimana ieu? Asa kakara kuring ka tempat ieu, naha
bet aya di dieu?“
Sirah
karasa muter, teu puguh titinggalian jeung teu dédéngéan. Kuring peureum
saheulaanan, bari nginget-nginget kajadian nu ka tukang, nepi ka bisa aya di
ieu patempatan. Tapi ngbléng teu kaimpleng kumaha mimitina. Kuring jol
aya di handapeun tangkal anu kacida gedéna, anu kacida jangkung jeung rimbun
matak iuh.
Di
belah kénca aya gunung ngajega, teuing gunung naon ngarana. Ti belah handap,
kadéngé hawar-hawar séah cai wahangan, rada anggang jadi teu pati katinggali
lebah-lebahnamah. Angin ngahiliwir matak tiis kana awak, tiis kana sirah,
tingtrim kana haté jeung pikiran. Tapi dimana ieu naha kuring bet aya di dieu.
Aya
ringkang-ringkang nu muru ka palebah kuring, disidik-sidikmah lalaki nu geus
umuran, manjing saumuran jeung aki kuring. Lalaki kolot éta make dudukuy laken,
dina cangkéngna nyorén bedog jeung ngagandong
tas leutik. Bet cigah nu ngarti, lalaki kolot éta nyampeurekeun ka palebah
kuring nu keur ngahuleng handapeun tangkal. Gék diuk di gigireun.
Manéhna
nyalsé pisan, ngaluarkeun barang bawaanana tina jero tas. Tuluy ngasongkeun cai
nginum dina kempis héjo nu sok dipaké ku tantara. Ku kuring ditampa da puguh kaarasa
haus pisan ti mimiti nyadar aya di ieu patempatan. Kuring nginum sababaraha
leguk, dada asa ngemplong, sirah asa tiis, haté karasa leuwih tingtrim. Lalaki
kolot éta tuluy ngaluarkeun cepuk leutik nu eusina bako jeung pahpir, ngodok
zippo tina saku jékétna. Manéhna
nyieun sababaraha linting, terus diasongkeun ogé ka kuring.
“Nyalsé
wé jang, kuring nu katelahnamah Aki Arnasik*. Asli urang dieu. Imah Aki aya di
tukangeun tegalan itu,” lalaki kolot nu katelah ki Arnasik muka carita. Bet
cigah nu nyaho kana eusi haté kuring, yén rék nanya perkara éta. Ki Arnasik
nyalsé temenan, nyeungeut lintingan bako ku seuneu zippo. Kuring rada asa
– asa rék nyeungeut téh, puguh teu biasa, kabiasaan udud roko filter.
“Sok
kadinyah asaan, lintingan meunang Aki. Bako asli ti Rawabogo. Dijamin
deudeuieun geura.”
“Ieu
téh lembur Lebakmuncang sujang, hiji désa nu aya di wilayah kacamatan Ciwidéy.
Tuh gunung nu ngajega téh ngarana Gunung Tambaguruyung atawa Pasir Tambaguruyung.
Lamun wahangan nu di lebak, nu séah sorana kadéngé ka belah dieu, ngarana
wahangan Cigadog. Tah lamun si sujang leumpang nurut kana jalan itu, engké
brasna ka jalan propinsi. Bakal katinggali ti lebah dinyamah aya gunung nu
pangkolotna, gunung tempat ngariungna para
karuhun, nyaéta gunung Sepuh téa.”
“Akimah
sapopoé gawé jadi panyawah. Ari nu boga tanahnamah urang dayeuh. Sawah nu
digarap ku aki téh minangka milik dunungan nu kadua. Da dunungan nu mimiti mah
tilar dunya alatan dipergasa ku gorombolan. Harita dunungan Aki téh pupuhu ieu lembur, nu wastana
juragan Bajranirwana. Juragan Bajra ninggalkeun pamajikan jeung saurang putra.
Nu teu lila ti harita nikah deui ka pangusaha di Bandung, tuluy tumetep di
dayeuh.”
Leng,
leng, leng sirah kuring karasa muter deui. Pikiran ngalayang kana hiji carita.
Tapi inget-inget poho. Naon nu dicaritakeun ku Aki Arnasik bet asa pernah maca
dina hiji karangan. Malahan mah, Aki Arnasik ogé tea salah sahiji tokoh dina
karangan éta. Tapi carita naon nya, duh, kuring jadi baluweng. Dina karangan
éta dicaritakeun yén Aki Arnasik bakal ngajugjug ka hiji astana, rék nadran ka
makam dunungana, nyaéta juraga Bajranirwana téa. Boa-boa enya.
“Teu
kudu reuwas jeung ngarasa anéh sujang, naon nu aya dina pikiran si sujang nyéta
bener pisan. Kuring nu aya dina karangan éta. Hayu ayeunamah urang ka makam
juragan Bajranirwana !”
Bet
asa dihipnotis wé, kuring teu bisa nyarita naon-naon. Teu bisa nolak. Kuring
nuturkeun Aki Arnasik ka astana nu teu jauh ti dinya. Teu kungsi lila kuring
jeung Aki Arnasik nepi ka astana tempat juragan Bajranirwana dimakamkeun.
“
Tah ieu makam juragan Bajranirwana téh sujang. Nu aya dina karangan nu kantos
dibaca ku si sujang téa. Maca dimana étatéh sujang? Dina koran atawa dina buku?
Tah mun nu éta, makam garwana juragan Bajra. Sabada nikah deui jeung pangusaha
ti kota Bandung, anjeuna hirup tingtrim, sagala kacumponan. Namung kitu téa
sujang, umurmah saha nu nyaho. Anjeuna dipundut ku nu kawasa, tapi saméméh
anjeuna maot, kungsi nyieun surat wasiat yén hoyong dimakamkeun henteu tebih
jeung makam juragan Bajranirwana.”
Aki
Arnasik ngaluarkeun sababaraha barang tina tas leutikna, tapas kalapa jeung
menyan cigahnamah. Tapas diseungeuet terus dipurulukan menyan. Kaambeu seungit
sumebar di éta patempatan.
”
Ieu mah sarat wungkul sujang, ngarah seungit jeung ngarah eweuh reungit nu
ngadeukeutan ka urang. Aki sok rutin nadran ka makam juragan Bajra, tilu bulan
sakali. Cigah ayeuna kabeneran awal taun, minangka haul-na juragan Bajra.
Juragan Bajra mah salila hirupna teu kaitung kahadéan nu dilakukeuna. Sanajan
anjeuna jalma beunghar, nu biasanamah pedit cap jahé buntut kasiran. Tapi
anjeunamah teu kitu, boh ka tatangga, dulur atawa pagawé cigah Aki. Anjeuna mah sok béréhan, mun
meunang rejeki gedé téh sok dibagi-bagi. Teu anéh mun harita juragan Bajra
diangkat jadi pupuhu ieu pilemburan. Namina seungit nepika ayeuna. Malihanmah
nami anjeuna dijadikeun ngaran gang jeung aula Désa. Mung, nasib teu sajalan
jeung kasaéan juragan Bajra, anjeuna dipergasa ku gorombolan nu telenges, jauh
tina rasa kamanuasaan. Inalillahiwaina ilaihi rojiun.”
Ngeunaaan
juragan Bajra jadi kabuka. Duh geuning aya di kieuna juragan Bajra téh lain
saukur dina karangan. Meureun nu ngarangna asli urang dinya terus ngangkat éta
carita kana karangan. Tapi ah, kuring poho karya saha jeung naon judulna.
Haseup
menyan nyambuang ka sabuderen patempatan. Kaambung asa leuwih seungit ti
biasana. Ké ké titinggalian ngadadak rumek duh, poék titinggalian jadi poék.
***
“Enya
pasti ieu jelemana, hudangkeun...! Buru hudangkeun...! Pasti manéhna api-api
saré atawa api-api kapiuhan !”
Awak
kuring dioyag-oyag, digeuing-geuing ku sababaraha urang. Karasa kasar pisan
jelema nu ngageuingkeun téh. Kuring ngonéal, beunta lalauan bari terus muterkeun
teuteupan ka sabudeureun patempatan. Kuring aya di hiji rohang nu rada poék,
tapi katinggali aya korsi nu posisina undak-undakan, aya layar jeung sajabana.
Nya disidik-sidikmah kuring téh aya di bioskop. Tapi kéla, naha kuring bet aya
di bioskop. Kuring ngahuleng, tapi leng-leng sirah ngadadak muter, teuing
kumaha mimitina bet aya di ieu rohang bari diriung ku sababaraha urang. Bet aya
nu maké seragam pulisi sagala.
“Pa
pulisi pasti ieu palakuna nu maéhan Erlan Digjaya téh, kuring panitia ieu acara
asa henteu ngulem ieu jelema. Nya pasti manéhna pelakuna, manehna penyusup,”
ceuk saurang nu ngurung kuring.
“Bener
pa, pasti manéhna palakuna,” ceuk saurang deui
Nu maké seragam pulisi unggeuk-unggeukan
“Keun
tenang heula, urang talungtik. Urang ulah waka nuduh lamun can aya bukti nu
atra mah. Boa-boa manéhna pagawé di ieu bisokop. Keun bagéan bapa étamah
ayeunamah béjaan ka satpam ngarah ngonci kabéh panto bisokop. Palakuna pasti aya
diantara urang nu aya di dieu,” ceuk nu
maké seragam pulisi.
“Tapi
ceuk abdimah moal bireuk deui pa, pasti manéhna palakuna,” ceuk saurang wanoja
buuk panjang. Dina beuheungna ngagantung tanda wartawati.
“Nya
bener pak, pasti manehna pak,” ceuk nu saurang lalaki nu maké topi nyatujuan.
Ninggali
dina bét dina dadana éta pulisi teh namina Sidik, pangkat kaptén. Anjeuna
kukurilingan nilik-nilik ka ayaan bioskop. Kuring masih diriung ku sababaraha
urang kaasup satpam bari ditalingakeun
pinuh ku rasa curiga. Teu kungsi lila, kaptén Sidik balik deui jeung
hiji lalaki kolot. Ninggali dedegananamah, saumuran jeung bapa kuring, tapi
awakna jagjag waringkas cigah nu resep olahraga. Lalaki kolot éta tuluy imut
bari diuk gigireun kuring, sopan pisan.
“Nepangkeun
kuring Hikmat**, minangka guru SMP-na
Kaptén Sidik. Kabeneran tadi beurang kaptén Sidik ngajak kuring ka ieu
patempatan. Lalajo préviu pilem maut mengancam kota. Sabenerna bapa mah
teu pati resep kana lalajo pilem téh, maklum geus kolot sok kalakah tunduh.
Ngan kapaksa wé ieu mah pedah kaptén sidik jadi bagian tina keamanan salila
proses syuting pilem éta.”
“Ari
ujang saha? Sareng timana?”
“Wasta
abdi mah Imam Mutaqin, ari linggih mah di kampung Arjasari, Bandung. Ari
padamelanmah sadidinten abdi guru di hiji SMP di Arjasari.”
“Resep
kana pilem atuh matak aya di ieu bisokop gé, nonton previu ieu pilem maut
mengancam kota ?”
“Tah
éta pa, abdi gé teu ngartos naha bet aya di ieu patempatan, abdi mah teu pati
resep nongton pilem, komo bari ngahajakeun dongkap ka bisokop. Emut-émut pas digeuing-geuing
ku sababaraha urang, pas beunta naha aya di ieu rohang. Boa-boa abi ngalindur
kitu nya? Ngaléngkah ka ieu bioskop dina
kaayaan saré.”
“Kitu
geuning, nya bisa waé jang. Ujang ngalindur, datang ka ieu patempatan dina kayaan
teu sadar. Kaayaan saré. Ngan éta wé, ujang nu minangka urang asing, nu teu
diulem ku panitia aya di ieu bioskop pas aya kajadian pembunuhan. Érlan Digjaya
nu jadi tokoh utama lalaki dina pilem maut mengancam kota, maot
dipergasa di kamar mandi. Kurang leuwih sa-jam katukang jang. Jalma-jalma nu
aya di dieu pasti nuduh ujang palakuna. Tapi keun ujang tong hariwang.”
“Sanés
abdi pa, demi Allah abdi teu terang nanaon. Aslina, abdi teu nyangka pa geuning
aya kasus pembunuhan di dieu. Tapi ké
pa, abdi asa kantos maca dina hiji karangan kajadian sapertos kieu téh.
Aya tokoh utama pilem tilar dunya saméméh acara previu pilemna di kamar mandi
bioskop. Dina éta karangan mah nungabunuhna téh wartawati nu nyusup. Manéhna
boga dendam ka éta béntang plem pak. Upami teu lepatmah yasana Pa Duduh
Durahman éta carita téh pa.”
“Heup
jang, éta pisan. Leres. Ujang téh nyasab kana jero éta carita. Ujang ayeuna aya
dina alam karangan Bah Duduh Durahman nu judulna Ajalna Sang Béntang Pilem.
Resep maca meureunnya si ujang mah, nepi ka nyasab kana jero bacaanana. Ulah
hariwang Bapa geus manggih palakuna. Hiji wartawati nu nyusup tuluy nyamar maké
pakéan lalaki, ditopi jeung maké buuk palsu. Bapa tadi kukurilingan ka hiji
rohang tukangeun layar, bet manggih gundukan pakéan jeung buuk palsu nu dipaké
palaku. Ku bapak diambungan minyak seungit nu napel dina éta papakéan. Kaambung
pisan karakter minyak seungitna nu bisa dipaké bukti. Tinggal ngakurkeun wé
saha nu maké minyak seungit éta tangtu éta palakuna, sabab ceuk nu nyakséni aya
saurang nu matak curiga, cicing deukeut kamar mandi, nu maké pakéan nu
kapanggih ku bapa tadi. Keun étamah bagéan kaptén Sidik nu nalungtikna. Bapa
mah méré jalan pituduh wungkul.”
“Jig
ayeunamah ujang mending gura giru balik, bisi jadi katuduh nyaan. Da kitu téa
ning, kalan-kalan nu teu boga dosa, teu boga salah, bisa waé dijadikeun
tersangka. Kiwari mah nu bener bisa jadi salah, nu salah bisa dianggap bener.
Dunya geus tibalik. Saméméh ujang dimangpaatkeun dina ieu kaayaan, tuluy
dijadikeun kambing hitam. Mending ayeuna ujang geura balik, tuh panto
keur asup ka alam nyata mah nu aya di juru kénca bioskop. Ku batur mah moal
katinggali éta panto téh, ukur ku Bapa jeung Ujang nu bisa ninggali panto éta,”
ceuk pa Hikmat bari nunjuk ka lebak
kénca bioskop.
“Abdi
nganuhunkeun pisan kana kasaéan bapa, mugia aya dina kaséhatan. Hayu atuh, bapa
bilih badé ngiring ka alam dunya anu nyata, sanés saukur dina karangan?”
“Ah,
jig wé sorangan jang, bapa mah geus betah di ieu alam karangan. Bari na ogé
lamun nyaba ka alam dunya téh geus taya sasaha nu bisa ditepungan, kapan Bah
Duduh Durahman na ogé tos lami ngantunkeun. Jung wé, omat kudu loba nyieun
kahadéan, Inshaallah bakal seungit cigah Bah Duduh, tetep dikenang sanaos tos
ngantunkeun alam kawenangan.”
“Muhun
ari kitu mah, abdi pamit pa. Assalamualaikum”
“Waalikumsalam”
Kuring
gura-giru muru panto nu aya di juru kénca rohangan bioskop. Barang dibuka, bray
cahaya bodas ngagebur, nembrag kana awak. Kuring teu inget di bumi alam. Teuing
rék asup ka alam mana deui. Bisa ka alam karangan Cécép Burdansyah atawa
karangan almarhum Pa Asep Idjuddin. Atawa ka alam karangan pangarang Ciwidey
laina. Keun baé ah kumaha bréhna wé.
2021
*tina Carpon Lembur singkur
Panineungan yasana Pak Eddy D Iskandar
**tina Carpon Ajalna Sang Béntang
Pilem Yasana Pak Duduh Durahman
https://ayobandung.com/read/2021/03/21/203046/sastra-sunda-carita-tina-dua-carita



